29.3.07

ceudeum. heuay. jurig!

Isuk-isuk keneh geus ceudeum. Halah siah, bakalan kahujanan deui, bakal telat deui asup gawe. Si Aa, anak urang nu cikal keur mandi -bari baeud-. Biasa si eta mah unggal isuk aya we alesan keur ngambek teh. Ketang, euweuh alesan oge ngambek mah tetep. Yu.

Nu matak heran, manehna embungeun mandi di tukang, keukeuh wae kahayangna teh mandi di kamar urang. Teuing atuh. Padahal euweuh bak, ngan ember wae wungkul. Malah lamun dicarek ku urang, manehna leuwih milih mandi di tempat nyeuseuhan daripada di kamar mandi. Aya jurigan kituw?

Tapi da salila dua taun di ieu imah, can kawenehan manggihan nu kararitu. Eta ge lamun mindeng aya babaturan kuring nu ngendong --sabenerna mah teu ngendong, da teu sare ieuh, begadang parat nepi ka subuh--, aya nu sok kawenehan ngadenge nu seuri, atawa nu kaulinan cai, pajarkeun teh di kamar mandi tukang. Ari disampeurkeun mah euweuh. Maklum cenah, da tukangeun jeung sagigireun teh leuweung eh kebon tangkil. Tangkil teaaa attuhh... pikiraneun. Lain ketang, tuangeun.

Ngan pernah we ngadenge budak leutik keur arulin meni rame, tengah peuting ereng-erengan (haarrr??), harita keur nungguan si bungsu nu karek umur tilu poe. Tapi da teu curiga nanaon, rarasaan teh nya biasa we aya budak nu keur ulin mah. Tapi kaisuknakeun kakara sadar, naha bet ulin make jeung kudu tengah peuting? tapi keun wae da kahayangna meureun, daripada ku urang dicaram, ngke indung-bapana (jurig) lapor ka KPAJ (komisi perlindungan anak jin).
Barina oge teu nembongan ka urang ieuh.

Terus hiji mangsa pas si Aa ngendong di tempat ninina, harita adi misan kuring datang, rek ngendong cenah. Pas urang mukakeun panto hareup, rarasaan teh urang nempo si Aa rek asup ka imah, ari si Roni, adi kuring, keur nyorong motor rek diasupkeun. Kuring mah ngaleos we lalajo deui. Beres lalajo urang ka kamar si Aa, ngan nempo si Roni keur sare, ku urang dihudangkeun, maksud teh rek nanyakeun si Aa. "Aa nggak pulang, nginep tempat mamah" cenah. Harr? ari tadi saha nya? Urang hampir yakin nempo si Aa. Urang ngan ukur bisa istigfar, tapi tuluy seuri. Lalajo deui we, teu jadi sare.. siun ngimpi nu araraneh.. heuheu..

Aeh heueuh, si Aa geus rapih geuning, geus make baju seragam. Urang gura-giru salin baju, si bungsu digolerkeun deui we, da can bisa ngorondang. Padahal geus dalapan bulan, kagendutan meureun. Maksud teh tas nganteurkeun si Aa sakola rek tuluy ka kantor lah, bisi kaburu hujan. Tapi alhamdulillah, tepi ka wayah kieu, sabelas kurang saparapat, angger we ceudeum, hujan mah teu sakeclak2 acan.

Geus ah, geus aya gawe deui... (bari heuay...)