3.4.07

no shift. no caps-lock.

haarrr.. naha kudu sdn6///
--teu make tanda tanya da shift-na ruksak--

kuring mimiti ngarasaan bangku sakola di sdn6 banjar, di bobojong. harita mah kaitung jauh ti imah, da lamun dilampahan mah kira-kira tiluparapat jam leumpangna budak esde. montong lumpat, teu kaci. padahal mah aya esde hiji nu leuwih deukeut, ngan harita pun bapa rada 'diintimidasi' ku guru esde genep tatangga kuring, diwanti-wanti yen kuring kudu sakola esde di dinya, meh kaajar kumanehanana.

kurang leuwih kieu meureun intimidasina;
'pokona lamun teu disakolakeun di sdn6, kuring teu tanggung jawab ka masa depan ieu budak, soalna lamun teu diarahkeun ku sim kuring, ieu budak bakalan jadi musibah pikeun nagara.'
meureun.
tapi da geuning geus kabuktian, ku jalaran si-anu-whose-name-shall-not-be-spoken teu sakola di esde genep, nagara teh jadi loba musibah kieu geuning.. ah.. teu ilu-ilu uing mah..

ti kelas hiji tepi ka kelas tilu, kuring nikeuh leumpang ka sakolaan. karasa ripuhna teh lamun aya buku anu tinggaleun, atuh siga nu diberik ku anjing kajajaden lumpat bulak-balik bakating ku sieun kabeurangan.

nincak kelas opat, alhamdulillah kuring pindah ka jalan cimaragas. halah siah beuki jauh lalampahan ka sakola teh. sanajan beuki jauh, teu nambahan duit bekel teh, kuring ge ma'lum ngarana oge kolot single-parent, tara ieuh menta leuwih, ngan lamun dibere mah teu sudi lamun kudu nolak.

harita kungsi menta pindah sakola, ngan teuing kunaon da teu dibikeun ku sakola, pajarkeun teh cenah keun bae rek kabeurangan unggal poe oge, asal ulah pindah ti sakola ieu.
haarrr....
jigana mah meureun pedah kuring kasep. meureun.
tapi a enya, sainget kuring mah kuring nu pangkasepna...

///geus ah, bijil deui panyakit gumasepna.. bisi beuki parna..///

intinamah, kuring make ngaran sdn6 kujalaran ngarasa reueus.. ;
- ku guruna --pa kartiman is the best
- ku lingkunganana --sanajan di lingkungan desa tertinggal, tapi asri jeung loba jurigna
- ku jauhna..
- ku babaturan nu rata-rata karuleuheu.. urang jadi pangkasepna saharitaeun mah..

...meunggeus!!

pidu'a budak

Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang, bapa, sareng nini dipaparin kasalametan. Mugia pun aki ditampi di sisi Anjeun?"
Bapa : "Naha bet ngomong kitu budak téh? Pan Akina hirup kénéh?"
Isukna si Aki maot. Bapana ngahuleng.

Saminggu ti harita:
Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang sareng bapa dipaparin kasalametan. Mugia pun nini ditampi di sisi Anjeun?"
Isukna si Nini maot.
Bapana hémeng, "ieu budak bisa komunikasi jeung alam gaib" pikirna.

Sabulan ti harita:
Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang dipaparin kasalametan. Mugia pun bapa ditampi di sisi Anjeun?"
Atuh kontan bapana langsung teu bisa saré.
Isukna digawé bari pikiran teu pararuguh.
Datang soré, teu balik, hayoh mikiran omongan budak, ngajejentul di kantor tepi ka peuting.
Liwat tengah peuting, ngoréjat, "aéh, geuning aing hirup kénéh" Tuluy buru-buru balik.

Tepi ka imah, ramé jelema, pamajikanana hariweusweus,
"Ari si bapa tas ti mana, teu biasana lembur dugi ka wayah kieu?"
"Aya naon kitu ieu teh?"
"Itu si mang Duyéh, tadi keur bébérés di kebon, ngadadak maot!"

Atuh si bapa ngahuleng deui.

29.3.07

ceudeum. heuay. jurig!

Isuk-isuk keneh geus ceudeum. Halah siah, bakalan kahujanan deui, bakal telat deui asup gawe. Si Aa, anak urang nu cikal keur mandi -bari baeud-. Biasa si eta mah unggal isuk aya we alesan keur ngambek teh. Ketang, euweuh alesan oge ngambek mah tetep. Yu.

Nu matak heran, manehna embungeun mandi di tukang, keukeuh wae kahayangna teh mandi di kamar urang. Teuing atuh. Padahal euweuh bak, ngan ember wae wungkul. Malah lamun dicarek ku urang, manehna leuwih milih mandi di tempat nyeuseuhan daripada di kamar mandi. Aya jurigan kituw?

Tapi da salila dua taun di ieu imah, can kawenehan manggihan nu kararitu. Eta ge lamun mindeng aya babaturan kuring nu ngendong --sabenerna mah teu ngendong, da teu sare ieuh, begadang parat nepi ka subuh--, aya nu sok kawenehan ngadenge nu seuri, atawa nu kaulinan cai, pajarkeun teh di kamar mandi tukang. Ari disampeurkeun mah euweuh. Maklum cenah, da tukangeun jeung sagigireun teh leuweung eh kebon tangkil. Tangkil teaaa attuhh... pikiraneun. Lain ketang, tuangeun.

Ngan pernah we ngadenge budak leutik keur arulin meni rame, tengah peuting ereng-erengan (haarrr??), harita keur nungguan si bungsu nu karek umur tilu poe. Tapi da teu curiga nanaon, rarasaan teh nya biasa we aya budak nu keur ulin mah. Tapi kaisuknakeun kakara sadar, naha bet ulin make jeung kudu tengah peuting? tapi keun wae da kahayangna meureun, daripada ku urang dicaram, ngke indung-bapana (jurig) lapor ka KPAJ (komisi perlindungan anak jin).
Barina oge teu nembongan ka urang ieuh.

Terus hiji mangsa pas si Aa ngendong di tempat ninina, harita adi misan kuring datang, rek ngendong cenah. Pas urang mukakeun panto hareup, rarasaan teh urang nempo si Aa rek asup ka imah, ari si Roni, adi kuring, keur nyorong motor rek diasupkeun. Kuring mah ngaleos we lalajo deui. Beres lalajo urang ka kamar si Aa, ngan nempo si Roni keur sare, ku urang dihudangkeun, maksud teh rek nanyakeun si Aa. "Aa nggak pulang, nginep tempat mamah" cenah. Harr? ari tadi saha nya? Urang hampir yakin nempo si Aa. Urang ngan ukur bisa istigfar, tapi tuluy seuri. Lalajo deui we, teu jadi sare.. siun ngimpi nu araraneh.. heuheu..

Aeh heueuh, si Aa geus rapih geuning, geus make baju seragam. Urang gura-giru salin baju, si bungsu digolerkeun deui we, da can bisa ngorondang. Padahal geus dalapan bulan, kagendutan meureun. Maksud teh tas nganteurkeun si Aa sakola rek tuluy ka kantor lah, bisi kaburu hujan. Tapi alhamdulillah, tepi ka wayah kieu, sabelas kurang saparapat, angger we ceudeum, hujan mah teu sakeclak2 acan.

Geus ah, geus aya gawe deui... (bari heuay...)