3.4.07

pidu'a budak

Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang, bapa, sareng nini dipaparin kasalametan. Mugia pun aki ditampi di sisi Anjeun?"
Bapa : "Naha bet ngomong kitu budak téh? Pan Akina hirup kénéh?"
Isukna si Aki maot. Bapana ngahuleng.

Saminggu ti harita:
Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang sareng bapa dipaparin kasalametan. Mugia pun nini ditampi di sisi Anjeun?"
Isukna si Nini maot.
Bapana hémeng, "ieu budak bisa komunikasi jeung alam gaib" pikirna.

Sabulan ti harita:
Budak : "Ya Alloh, mugia pun biang dipaparin kasalametan. Mugia pun bapa ditampi di sisi Anjeun?"
Atuh kontan bapana langsung teu bisa saré.
Isukna digawé bari pikiran teu pararuguh.
Datang soré, teu balik, hayoh mikiran omongan budak, ngajejentul di kantor tepi ka peuting.
Liwat tengah peuting, ngoréjat, "aéh, geuning aing hirup kénéh" Tuluy buru-buru balik.

Tepi ka imah, ramé jelema, pamajikanana hariweusweus,
"Ari si bapa tas ti mana, teu biasana lembur dugi ka wayah kieu?"
"Aya naon kitu ieu teh?"
"Itu si mang Duyéh, tadi keur bébérés di kebon, ngadadak maot!"

Atuh si bapa ngahuleng deui.

1 comment:

aceuk ai said...

untungna we lain kuda anu maotna....leuh..mangkaning!!!
ke..ke..ke...pa duyeh lain guru urang baheula lin keur di sma?...na atuh bet aprak2an ka kebon sagala..pan seueur hileud didinya mah...gejlig ah!